Janghirup teh teu gampang Teu cukup ku dipikiran Bari kudu dilakonan Jang jalan kahirupan Henteu salawasna datar Aya mudun jeung tanjakan Kudu sabar dina kurang Ulah nepak dada benghar Salawasna kudu syukur Eling kanu Maha Agung Kade hidep bisi kupur Jang cing jadi jalma hade Cing jadi jalema gede Benghar harta jemar hate Jang hidep cing ngajalma
wm3qeR.